saur sim kuring
saur sim kuring, dijaya giri
Selasa, 14 Januari 2014
puisi Jayagiri
Puisi Ma Idah
Ka Ma Idah...
Ma idah, saksi wewengkon di Jayagiri
Jlug indit neangan kagenahan
Pek ditepikeun angin, ngaharewosan
Tuh, ka Jayagiri,,,,
Ka Ma Idah...
Poekna langit teu ngahalangan
eungapna dada,
Anu nanjak ka bukit kaendahan,
Dibarengan caangna batre nyorot
dangdaunan, tatangkalan, jeung lalay anu kumalayang,
Najan sing kulucur kesang, tapi
teu karasa da aya bentang katuju
Ka Ma idah....
Imahna dieusian kadaharan
beuteung,
Imahna nyanghareup pangbalikan,
Nu Aya lawang belah kidulna nyemu
ngulon,
Bale-bale lembur sing rarajeug
pipireunana
Ka Ma Idah....
Belah kulonna tangkal kembang terompet, ciri jalan mun hayang kahampangan
Belah wetanna, sing rarajeug tangkal tiwu, anu nutupan tetempoan
Belah kalerna, gawir tempat
pamiceunan
Belah kidulna, penampungan cai ledeng,
Ka Ma Idah...
Handap asor, tur sabar ngalakonan
alam wawayangan
Ngarakyat, loba picaritaeun
Maidah, Raos kapendak maidah...
Nursidik
/firman sidik/b.daerah/ic
Langganan:
Komentar (Atom)

