Powered By Blogger

Selasa, 14 Januari 2014

puisi jaya giri



Puisi maidah

Ka maidah...
Ma idah, saksi wewengkon di jaya giri
Jlug indit neangan kagenahan
Pek ditepikeun angin,  ngaharewosan
Tuh, ka jaya giri,,,,

Ka maidah...
Poekna langit teu ngahalangan eungapna dada,
Anu nanjak ka bukit kaendahan,
Dibarengan caangna batre  nyorot  dangdaunan, tatangkalan, jeung lalay anu kumalayang,
Najan sing kulucur kesang, tapi teu karasa da aya bentang katuju

Kamaidah....
Imahna dieusian kadaharan beuteung,
Imahna nyanghareup pangbalikan,
Nu Aya lawang belah kidulna nyemu ngulon,
Bale-bale lembur sing rarajeug pipireunana

Kamaidah....
Belah kulonna  tangkal kembang terompet, ciri  jalan mun hayang kahampangan
Belah wetanna, sing rarajeug  tangkal tiwu, anu nutupan tetempoan
Belah kalerna, gawir tempat pamiceunan
 Belah kidulna, penampungan cai ledeng,

Kamaidah...
Handap asor, tur sabar ngalakonan alam wawayangan
Ngarakyat, loba picaritaeun
Maidah, Raos kapendak maidah...
Nursidik /firman sidik/b.daerah/ic

Tidak ada komentar:

Posting Komentar